Téknologi Urang Sunda dina Widang tatanén
Tatanén pikeun masarakat sunda lain hal anu anéh, sabab dina kabudayaan masrakat sunda pakasaban anu utama nya éta tatanén.[4] Tatanén geus tumuwuh mangabad-abad di masarakat sunda, ti mimiti jaman purba kabiasaan tatanén geus dilakonan ku masarakat sunda, sabab kaayaan alam anu nyadiakeun minangka kabutuhan pikeun neruskeun hirup harita.[4] Sakabéh kagiatan merlukeun atawa miboga pakakas husus, kitu deui dina widang tatanén. Pakakas nu dibutuhkeun téh diantarana :- Arit nya éta pakakas paranti ngala jukut atawa ngala paré, dijieunna tina beusi dicampur baja jeung kai minangka gagangna, wangunna saperti gaét tapi teu nguél teuing. Arit miboga pungsi pikeun ngababad semak-semak, alang-alang jeung jujukutan.Dina mimitian ngabuka lahan anyar, biasana ngagunakeun arit.[5]
- Asahan mangrupa batu husus paranti ngasah sabangsaning péso, bedog, jsté.[5]
- Aseuk, Wangun aseuk téh kai buleud panjang, méncos tungtungna, paranti ngaseuk, nyieun logak leutik keur melak sisikian saperti jagong, suuk, buncis, kacang jsb. Aseuk disebut ogé luju.[5]
- Bakrik Mangrupa pakakas nu dijieunna tina awi anu diala katut jangkarna, dipaké pikeun gantar pangait, disadiakeun pikeun nulungan nu kahuruan, kaayeunaeun kakaitna sok dijieun tina beusi.[5]
- Bawak, Bagian pacul nu ngahiji jeung gelungana (bagian seuseukeutna beunang dilaan upama rék diasah) .[5]
- Bedog, Nya éta parabot paranti meulah atawa motongasabangsaning awi tawa kai jeung barang séjénna. Dijieunna tina beusi, pérah/ gagangna maké kai tawa ku aluminieum. Wangunna aya anu pondok aya ogé anu panjang. Wadahna disebut sarangka, anu dijieunna tina kai.[5]
- Burujul, nya éta wuluku nu teu maké lanjam.[5]
- Caplak, nya éta pakakas nu dipaké dina keur tandur, gunana pikeun ngaguratan taeuh supaya upama nancebkeun binih paré lempeng. Caplak téh dijieunna tina kai.[5]
- Congkrang, mangrupa parabot paranti ngababad sabangsaning jujukutan atawa tatangkalan anu leutik, jeung sajabana. Dijieunna tina beusi gagangna tina kai atawa aluminieum. Waggunna rada panjang batan arit, bagéan luhurna melengkung.[5]
- Étém, téh sabangsa péso nu diwangun husus paranti ngala paré raranggeuyan.[5]
- Garpuh, nya éta pakakas tukang tani paranti ngaguarkeun taneuh.[5]
- Garu, nya éta pakakas tukang tani, paranti ngajurkeun taneuh sawah sabada diwuluku, wangunna suga sisir carang, biasanna ditarik ku munding atawa sapi boh sarakit boh hiji.[5]
- Halu, nya éta parabot paranti nutu, dijieunna tina kai anu buleud.[5]
- Koréd, nya éta pakakas tani pikeun miceunan jujukutan di kebon, dijieunna tina beusi jeung waja, wangunna sarupa arit tapi dilengkungkeun.[5]
- Kujang, mangrupa pakakas sabangsa bedog sok dipaké pakarang atawa nyacar pihumaeun ku Urang Sunda baheula, bisa dipaké ngadék jeung newek, kiwari dipaké lambang rupa-rupa organisasi kasundaan.[5]
- Lalandak, nya éta parabot paranti ngarambét di sawah nu ditanduranana maké digarit (tandur jajar) . Disebut ogé géréndél atawa gilinding.[5]
- Lisung, mangrupa pakakas paranti nutu paré, dijieunna tina kai, liangna dua nya éta liang buleud jeung ling pasagi opat panjang.[5]
- Pacul, nya éta parabot paranti malikkeun taneuh di sawah, ngagali lobang, ngamalirkeun cai, ngaduk jsb. Seuseukeutna dijieun tina beusi atawa waja, gagangna tina kai nu diradabéngkokkeun sangkan gampang makéna.[5]
Sistem Dududuluran
Urang Sunda ngagem sistem duduluran anu sipatna patental jiga urang Jawa.[2] Hartina urang sunda yakin ayana duduluran boh ngaliwatan dulur ti indung boh dulur ti bapa.[2] Sistem duduluran masarakat sunda, umumna sakum manusa di dunya aya disababkeun dua faktor nya éta turunan jeung ayana ritual nikah .[2] Nu pang pentingna dina tingkat hubungan duduluran urang Sunda dumasar bébédaan generasi tilu golongan.[2] Katilu golongan nu dimaksud nya éta (1) golongan sepuh, kolot, wong tuo anu ngawengku aki, nini, bapa, jeung ema, generasi anu tingkatanna leuwih luhur ti égo; (2) golongan sadulur, dina harti anu heureut, nya éta dulur saindung-sabapa, dulur téré (dulur saindung misah bapa atawa dulur sabapa misah indung), nu disebut lanceuk lamun umurna leuwih kolot jeung adi atawa rayi lamun umurna leuwih ngora.[2] Jadi sadulur téh hiji generasi jeung égo; (3) golongan anak, nya éta turunan égo, anak égo, lalaki atawa awéwé .[2] Sistem duduluran masarakat sunda anu dipikawanoh kiwari aya tujuh turunan, tapi sabenerna urang sunda baheula miboga salapan garis turunan nya éta anak, euncu, umpi, cicip, muning, anggasantana, kulasantana, pretisantana, jeung witwekas.[2] Kiwari sistem duduluran urang sunda leuwih dipikawanoh Pancakaki.[2] Pancakaki nya éta hiji sistem anu ngagambarkeun hubungan kulawarga.[2] Dina adat istiadat urang sunda, pancakaki téh ngabogaan dua harti.[5] Harti anu kahiji, pancakaki téh mangrupa perenahna jelema ka jelema deui, anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh.[5] Upamana waé kumaha pancakaki si Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, emang, bibi, anak, buyut, alo, suan, jsté.[5] Harti anu kadua pancakaki téh mangrupa papayan perenahna kabarayaan.[5]Rundayan/Turunan
- Ti luhur ka handap
- Kagigir
- Istilah anu Séjénna
Basa Masarakat Sunda
Élmu Pangaweruh Masarakat Sunda
Elmu nya éta kumpulan pangaweruh pikeun ngajawab pasualan dina kahirupan manusa. [8] Sedengkeun pangaweruh nya éta sakabéh hal anu dipikanyaho ngeunaan objek anu tangtu. [8] Gunana élmu pangaweruh nya éta pikeun alat dina ngabantu manusa nalika ngaréngsékeun masalah nu disanghareupan sapopoéna.[8] Teu sakabéh élmu pangaweruh bisa disebut élmu, sabab élmu mangrupa pangaweruh anu cara meunangkeunna téh kudu nyumponan sarat-sarat kalawan ngagunakeun metode ilmiah. [8] Élmu mimitina tina pangalaman manusa jeung rengse dina wates pangalaman manusa. [8] Dina masarakat sunda, aya anu istilah Pamali,Uga, Cacandran, jeung Kili-kila pikeun sawatara élmu pangaweruh masarahat sunda jaman harita.[8]
Pamali, mangrupa istilah Basa Sunda pikeun ngagambarkeun norma tradisi lokal.[8] Upama norma éta teu dilaksanakeun, mangka bakal aya balukarna.[8] Dina tradisi filsafat positif, pamali téh disawang teu asup akal, sabab pamali miboga harti nu teu logis.[8] Tapi dina jihat séjén pamali disawang pikeun hiji kaarifan lokal nu sabenerna miboga rasionalitasna sorangan nu aya patalina jeung étika.[8] Dihandap ieu aya conto-conto pamali nu bisa dipercaya ku urang atawa henteu :
- Ulah lila teuing cicing di WC (Rohangan paranti mandi)
- Kabiasaan dahar petis dina waktu peuting
- Kebiasaan maké baju bari leumpang
- Cicing dina lawang panto
- Mandi dina waktu beurang
Uga jeung wangun séjén nu aya di sakuliah dunya, geus aya ti jaman baheula.[9] Hal ieu dumasar kana ungakara-ungkara anu aya dina ajaran agama jeung folklor anu aya di unggal nagara. [9] Dina agama Islam, uga disebut “nubuat” anu eusina mangrupa tujuman pikeun kahirupan kahareup.[9] Basa uga ditelahkeunana kana omongan anu méré béja piayaeun naon-naon kangeunahan atawa bancang pakéwuh (kasusahan) di ahir, tapi lain anu bangsa lahir, saperti kana tangkal cau, jaga bakal jantungan. Ieu jelema jagana bakal diruang; tapi kapakéna uga mah kanu moal kapanggih, tapi ku pikiran tahayulan jelema tangtu kapangih, ngan teu nyaho di urang kénéh atawa ku anak incu. [9] Nu matak ari aya nu rada sarupa jeung taksiran sok diaoromongkeun ‘geus tepi ka ugana’ atawa ‘samorong ceuk uga’.[9]
Ari conto-contona omongan baheula: Jaga mah, barudak, sajajalana disaungan. Béh karéta api.[9] Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat. Béh telegram.[9] Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék. Béh anak somah naék pangkat, anak ménak teu pangkat.[9] Jaga mah, barudak, ngateuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angker gawé Béh nu dagang di pagawéan.[9]
Cacandran, nya éta carita luluhur nu ngagambarkeun kaayaan nagara jeung sajabana nu bakal dialaman, saperti cacandran masarakat sunda numutkeun kolot baheula geus ngomong yén “Sumedang ngarangrangan, galunggung ngadeg tumenggung, Sukapura ngadaun ngora, Bandung heurin ku tangtung, Cianjur katalajuran, Ciamis amis ku maneh, Banagara sor ka tengah ”. Hiji uga anu kawentar di Tatar Sunda. [9] Ari uga teh bisa jadi ramalan atawa prediksi, tapi, bisa jadi oge panggero pikeun sasadiaan sangkan ulah kajadian atawa ulah kasorang hal sakumaha anu digambarkeun dina uga. [9] uga anu tadi aya benerna, tapi aya oge teu benerna. Benerna, kusabab memang kabuktian, ayeuna Bandung heurin ku tangtung.[9] Malah lain wae keur anu masih hirup (anu masih bisa nangtung) heurin téh, dalah keur anu maot gé di sababaraha tempat geus heurin kacida. [9]Puluhan taun ka tukang di daerah Cicadas kungsi kajadian aya mayit dina pasaran anu rek ti imah ka masjid pikeun disholatkeun nepi ka kudu ngajebol hateup jeung kentengna, Kituna teh sabab lamun eta pasaran dibawa ngaliwatan panto sakumaha ilaharna moal bisa, da heurin téa jalan kaluar tina panto mah. [9] Anu bener deui: Cianjur. Memang eta kota/wewengkon ayeuna jadi rada tiiseun. [9] Sababna tangtu kulantaran geus aya jalan tol Purbaleunyi anu ngabalukarkeun lalar liwat kandaraan Bandung-Jakarta jeung sabalikna leuwih rame ngaliwatan eta jalan tol tinimbang ngaliwatan Cianjur. [9] Tapi, moal boa, prediksi "katalanjuran" teh oge pikeun ngingetkeun yen Cianjur bisa wae dicapluk ku DKI Jakarta dina konsep (anu dipaksakeun) megapolitan téa.[9]
Kila-Kila, nya éta totondén ti alam kana naon-naon anu bakal kajadian ku urang. [9] Jalma-jalma nu hirup tiheula saméméh urang nya éta kolot atawa karuhun urang leuwih dalit jeung alam. [9] Manusa miara alam nya kitu ogé alam miara manusa. [9] Nya salah sahijina ku ayana sasatoan anu méré totondén siga kieu téa. Cenah :
- Sora manuk sit uncuing = bakal aya nu maot
- Sora hayam jago lain wayahna = rék aya nu reuneuh
- Sora manuk bueuk tengah peuting = bakal aya wanoja nu lalagasan tapi kakandungan alias reuneuh tapi acan kawin.
- Sora manuk bebencé = Ceuk cenah lamun ngadéngé sora bebencé di lembur, tanda aya bangsat keur kukulamprengan neangan palingeun. Urang lembur kudu taki-taki, ulah saré tibra teuing
- Aya kukupu hiber di jero imah = rék aya tamu
- Ngimpi newak lauk = rek meunang duit
- Kekenudan panon kenca = rek manggih kasedih
- Kekenudan panon katuhu = rek manggih kabagjaan
- Murag bulu mata = aya nu sono ka urang
- Lamun panas ceuli = aya nu ngomongkeun.[9]